ZCgRxn24sMSt1P8PT34NVVluf7C7ODQ8eSh7SrtI
Bookmark

Lengkap - 45+ Contoh Soal UKK Bahasa Sunda Kelas 7 SMP/MTs Semester Genap + Jawaban Terbaru

45+ Contoh Soal UKK Bahasa Sunda Kelas 7 SMP/MTs Semester Genap  + Jawaban Terbaru - Halo adik adik yang baik, bagaimana nih kabarnya, wah sudah masuk Semester akhir yaa untuk kelas VII SMP/MTs, nah kebetulan kali ini kakak menyediakan beberapa contoh soal yang mungkin adik adik butuhkan, soal kali ini adalah soal dari mata pelajaran Bahasa Sunda di semester genap, Kakak juga menyediakan kunci jawabannya. Semoga dengan soal ini bisa membantu adik adik ya. Tetap semangat!!!.
Soal UKK Bahasa Sunda Kelas 7 SMP/MTs Semester Genap  + Jawaban Terbaru
Soal UKK Bahasa Sunda Kelas 7 SMP/MTs Semester Genap  + Jawaban Terbaru

Soal UKK Bahasa Sunda Kelas 7 SMP/MTs

45+ Contoh Soal UKK Bahasa Sunda Kelas 7 SMP/MTs Semester Genap  + Jawaban Terbaru - Bagi Adik adik dimana saja berada yang ingin sekali mempelajari Soal UKK Bahasa Sunda Kelas 7 SMP/MTs ini, adik adik bisa menguduh materi ini di bospedia dalam bentuk file doc. Berikut ini adalah rincian Soal UKK Bahasa Sunda Kelas 7 SMP/MTs Semester 2.. SELAMAT MENGUNDUH YAA...


Berikut bospedia memberikan Soal UKK Bahasa Sunda Kelas 7 SMP/MTs

PETUNJUK UMUM
1. Tulis namamu di sudut kanan atas
2. Bacalah setiap soal dengan teliti.
3. Kerjakan dulu soal yang kamu anggap mudah.
4. Periksa kembali pekerjaanmu sebelum diserahkan pada pengawas.

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas/ Semester : 7 SMP / MTs  / 2
Hari/ Tanggal  : ..................................
Waktu   : 90 menit

I. cakra (x) salah sahiji aksara  a, b, c, atawa d  dihareupeun jawaban anu pengbenerna !

DI MAKAM BAPA
Énjing lebaran. Dinten ieu panungtungan abdi saum. Alhamdulilah saum téh tamat. Upami lebaran téh abdi mah sok resep, seueur kajantenan nu ngan sataun sakali kapendakna.

Takbiran di masjid sareng réréncangan, ngadamel kuéh sareng bibi, ngadamel kupat sareng mamah, dipangmésérkeun acuk lebaran, sapatu lebaran. Jaba upami pendak sareng wargi-wargi sok dipasihan artos kanggo jajan.

Tapi diantara sakitu seueurna karesep dina waktos lebaran téh, aya nu pangdiantos-antosna, nyaéta ka makam Bapa. Abdi mah sok resep wé. Abdi mah sok hoyong ngadongéng ka Bapa téh. Najan teu pendak langsung. Abdi teu kantos émut kana raray-rarayna acan ka Bapa téh. Nuju abdi alit kénéh pisan, Bapa ngantunkeun abdi sareng Mamah.

Upami teu aya potona mah, abdi téh jigana moal apal sakedik-kedik acan ka Bapa téh. Untug wé Mamah rajin nyimpen poto nuju nikahna sareng Bapa. Ari ceuk abdi mah, kasep da Bapa téh. Hanjakal yuswana teu panjang, namung untung aya lebaran. Waktos lebaran, abdi tos ngarep-ngarep diajak ka makam ku Mamah ti barang gugah.

Basa ku Nini digugahkeun dipiwarang solat subuh, anu ka émut pangpayuna téh, asik…engké siang ka makam Bapa. Tos bérés solat ‘Id, bérés sasalaman sareng anu aya di bumi, sareng nu nepangan Nini, ogé tatanggi nu pendak di jalan, abdi diajak ka makam. Horéééé….!

Abdi dugi ka makam. Panon téh teu ka mamana heula, langsung manteng ka makam Bapa. Payuneun makam Bapa, abdi cingogo gédéngeun Mamah. Waktos panangan Mamah ranggah ngado’a, abdi ogé pipilueun . abdi teu terang naon nu ku Mamah diaos, ngan katingal lambeyna kunyam kunyem ah abdi mah jongjon wé ngadongéng ka bapa téh. Éh ngawitan mah muhun ngado’a kétang muga-muga bapa lebet ka Surga.

………………………………………………………………………………………………………
1. Wangun karangan di luhur kaasup kana…….
a. dongéng
b. drama
c.carita pondok
d.laporan

2. Kumaha watak abdi teh…….
a. babari ambek
b. daékan
c. kedul
d. taat agama

3. Kumaha kaayaan hate abdi nalika di ajak ka makam bapa…….
a. bungah
b. sedih
c. nalangsa
d. hanjakal

4. Dimana kajadiana carita di luhur……
a. di sawah
b. di makam
c. di sakola
d. di jalan

5. Amanah nu kapanggih dina cutatan carita di luhur nyaéta……
a. urang kudu papaséaan
b. urang kudu silih asih
c. urang kudu hormat tilawat ka kolot
d. urang kudu silih acuh.

6. Rék naon abdi jeung mamah aya di makam bapa…….
a. ngadoakeun bapa
b. ngadongéng
c. ngobrol
d.ngirim kuéh lebaran

7. Kecap reporter ngandung harti…….
a. wartawan
b. biantara
c. panumbu catur
d. panata acara

8. Kecap kulisik ngandung harti……
a. hudang
b. lilir tina sare
c. gugah
d. nangtung

9. Berebet budak téh lumpat. Kecap berebet kaasup kana kecap…….
a. kecap panganteur
b. kecap ngantét
c. kecap kaayaan
d. kecap rundayan

10. Teu kungsi lila, gék manéhna…..
a. nangtung
b. saré
c. diuk
d. lumpat

B. Wacana 2 pikeun soal nomer 11 nepi ka nomer 12
Éling-éling umat muslimin muslimat
Hayu urang angkat berjamaah sholat
Éstu kawajiban keur sadaya umat
Pibekeleun urang jaga di ahérat

11. Eusi padalisan ka hiji dina pupujian bieu nyaéta…..
a. ngajak ngalaksanakeun kawajiban
b. ngajak berjamaah sholat
c. ngajak bebekelan
d. ngajak éling ka muslimin

12. Eusi padalisan ka dua dina pupujian di luhur nyaéta……
a. mépélingan umat
b. ngajak berjamaah sholat
c. ngajak bebekelan
d. ngajak éling ka mulimin

13. (1)Nabi urang sadayana.
(2)Arab Qurés nya bangsana.
(3)Kangjeng Nabi anu mulya.
(4)Muhammad jenenganana.
Runtuyan nu merenah tina pupujian di luhur nyéta…..
a. (1), (2), (3), (4)
b. (1), (3), (2), (4)
c. (1), (4), (3), (2)
d. (1), (3), (4), (2)

14. Kecap agréng ngandung harti…..
a. méwah tur éndah
b. alus tur kasohor
c. alus jeung éndah
d. gedé

15. Kecap asal tina kecap didungakeun nyaéta…..
a. didunga
b. dungakeun
c. dunga
d. didungakeun

16. Rarangkén tukang –an nu ngabogaan harti kecap pagawéan nyaéta…..
a. gantungan
b. wadahan
c. daékan
d. duaan

17. Anu lain kecap husus tina kecap diuk nyaéta ….
a. sila
b. émok
c. nyanghunjar
d. molotot

18. Kecap umum tina kecap ngaharéwos, ngagerendeng, ngagorowok, nyaéta….
a. Ngala
b. diuk
c. leumpang
d. nempo

19. Ayeuna mah loba pajabat dahar duit rayat. Kecap dahar ngandung harti……
a. Korupsi
b. Ngahuapkeun
c. Sarapan
d. Nginjem

20. Si Badru ngendog di kelas VII sabab tara di ajar.
Kecap ngendog dina kalimah di luhur ka asup kana kecap…..
a. denotatif
b. konotatif
c. sinonim
d. antonym

21. Dedeh : “Assalamu’alaikum.”
Udin : “Wa’alaikum Salam.”
Dedeh : “Ieu Dedeh, punten abdi téh badé tumaros, dinten kamari aya tugas?”
Udin : “ Oh…muhun, aya tugas Basa Sunda.
 Kunaon kamari teu ka Sakolah Deh?”
Dedeh :”…….”
Kalimah anu luyu pikeun ngalengkepan paguneman di luhur nyaéta…..
a. alah biasa baé
b. nyaéta abdi téh nyeri sirah
c. ké baé isuk atuh
d. muhun kamari atos

22. Sinonim tina kecap Beurang nyaéta…..
a. peuting
b. wengi
c. siang
d. isuk

23. Antonim tina kecap Gedé nyaéta…..
a. ageung
b. badag
c. seueur
d. leutik

D. Wacana 4 pikeun soal nomer 24 nepi ka nomer 26

Cikal bakal padumuk Sumedang teh bibit buitna mah ti Galuh jeung Pajajaran. Ménak Sumedangna
sorangan ti pihak indung masih rundayan ti Prabu Siliwangi, Raja Pajajaran. Ari ti pihak bapa masih rundayan ti Sunan Gunung Jati Cirebon.

Bupati Sumedang munggaran nyaéta Pangéran Kusumah Dinata nelah Pangéran Santri. Disebut kitu sotéh duméh kaasup Bupati munggaran anu ngagem Agama Islam. Ibuna nya éta putri Prabu Linggawastu ti Sumedang, ari ramana nya éta Pangéran Pamelekaran, putu Sunan Gunung Jati Cirebon. Nikah na putri sareng pangéran ti Cirebon mangrupa awal ngaislamkeun urang Sumedang.
……………………………………………………….

24. Sempalan carita di luhur kaasup kana carita…..
a. dongeng
b. babad
c. carpon
d. novel

25. Bupati Sumedang munggaran nyaéta……
a. Pangéran Kusumah Dinata
b. Prabu Siliwangi
c. Sunan Gunung Jati
d. Putri Prabu Linggawastu

26. Pangéran Kusumah Dinata nelah Pangéran Santri, sabab…..
a. Bupati munggaran nu ngagem agama islam
b. putuna Sunan Gunung Jati Cirebon
c. santri Sunan Gunung Jati
d. Santri Sumedang munggaran

27. Anu teu kaasup kana conto kecap saharti (sinonim) nyaéta…..
a. beunghar = sugih
b. leutik = alit
c. sangsara = malarat
d. alus = goréng

E. Wacana 5 pikeun soal nomer 28 nepi ka nomer 30
Mohamad Toha katelah pahlawan ti Bandung Selatan, dina mangsa révolusi kamerdikaan. Lahir di kota Bandung dina taun 1927. anjeuna éstu yatim, sabab dina yuswa dua taunan tos dikantunkeun ku nu janten ramana. Sakola désana tamat salila 3 taun, satuluyna sakola montir mobil. Saréngséna ti dinya, anjeuna nyepeng damel di kamilitéran dina mangsa panjajahan jepang dina taun 1942-1945.
Sabada Indonésia ngukuhan proklamasi kamerdikaan, anjeuna ngagabung ka Barisan Banténg Républik Indonésia (BBRI) wilayah Priangan. Nya dina BBRI ieu anjeuna kénging tugas salaku Komandan Séksi I Bagian ‘Penggempur’.

28. Dumasar kana eusina, éta karangan kaasup kana…..
a. carita pondok
b. sajak
c. biografi/riwayat hirup
d. novel

29. Saha nu katelah Pahlawan ti Bandung Selatan téh ?
a. Mohamad Toha
b. Mohamad Yamin
c. Mohamad Yusuf
d. Mohamad Nur

30. Mohamad Toha lahir taun…..
a. 1929
b. 1928
c. 1927
d. 1926

31. Kecap Pahlawan ngandung harti……
a. balad
b. sekutu
c. tentara
d. pajuang

32. Barudak kelas VII ngagambar pamandangan meuni alus. Kecap alus dina kalimah éta kaasup kana kecap…..
a. kecap kaayaan
b. kecap pagawéan
c. kecap barang
d. kecap rajékan

F. Wacana 6 pikeun soal nomer 33 nepi ka nomer 37
Baca masing teleb sempalan dongéng di handap !
Baheula, di hiji kampung aya saurang budak lalaki. Égon ngaran éta budak téh. Hanjakal éta budak téh kacida malesna sarta sok ngalawan ka nu jadi indung. Kalakuan séjénna anu goréng téh nyaéta resep pisan ngadukeun domba.

Dina hiji poé, Égon indit bari nungtun domba jaluna anu begang lantaran teu diurus muru ka tegalan paranti manéhna ngadukeun domba.

“Héy, Ro. Yu urang adukeun deui domba téh,” ceuk Egon ka Suhro nu geus nyampak di éta tempat.
“Ké heula atuh Gon, domba kuring mah can seubeuheun nyatuan,” jawab Suhro.
“Alaaah....teu pira ogé sato atuh, Ro. Keur naon dipikanyaah ogé, domba mah moal ngartieun ieuh!”
“Enya ari moal ngartieun téa mah, tapi sarua baé jeung urang hayangeun baranghakan.”
“Bener, Ro. Sok lah geura prung adukeun, ngarah ramé yeuh!” ceuk Si Aron ngahatéan.
Ahirna Suhro éléh déét. Domba maranéhna nu can seubeuh nyatuan téh dipaksa sangkan diadu.
Beletak...beletak...sora tanduk diadu matak linu kadéngéna. Suhro, Égon jeung Aron mah teu boga kapaur sok komo karunya. Maranéhna anggur ting aréngklak bari sareuri suka pisan ningali domba nu keur silih teunggar téh. Lila ogé diaduna éta domba téh. Ahirna domba Égon béakeun tanaga, tuluy lumpat ngajauhan domba Suhro.

Suhro jeung Aron ngékéak Égon nu lumpat ngudag dombana anu lumpat kana rungkun.
“Héy ! Néangan saha manéh ?” teu kanyahoan aya nu nyentak ka Égon. Égon ngalieuk ka lebah datangna éta sora. Gebeg manéhna ngarénjag, sabab nempo hiji lalaki sembada sarta beungeutna perenges pikasieuneun.
………………………………………………………………………………………..

33. Palaku utama dina éta dongéng nyaéta……
a. Égon
b. Suhro
c. Aron
d. Indungna

34. Kabiasaan si Égon anu goréng téh nyaéta….
a. resep ngadu hayam
b. ngalawan ka kolot
c. sok nyokot duit batur
d. ngalawan ka babaturan

35. Di mana lumangsungna éta kajadian téh ?
b. di pakarangan imah
c. di lapangan mengbal
c. di tukangeun sakola
d. di tegalan tempat ngangon

36. Domba saha anu lumpat kana rungkun téh ?
a. domba Suhro
b. domba Égon
c. domba Aron
d. domba Indungna

37. Amanat nu kapanggih tina éta dongéng nyaéta……
b. kudu resep ngadukeun domba
c. nyaah ka babaturan
c. nyaah ka sasama mahluk Allah SWT
d. kudu jadi jalma males

38. “Kuring sibeungeut”
Kalimah di luhur ka asup kana kalimah…..
a. aktif
b. pasif
c. resiprokatif
d. refleksif

39. “Andi jeung Yusuf …….. poyok”
Kecap anu pantes keur ngeusian titik-titik di luhur nyaéta….
a. barang
b. pada
c. silih
d. para

40. Mana kalimah nu luyu sarta merenah jeung tatakrama?
a. Manéhna keur kulem mani pules pisan
b. Manéhna nuju mondok mani pules
c. Anjeuna nuju saré mani pules
d. Anjeuna nuju kulem mani pules

II. Jawab kalawan bener !
1. Susun ku hidep kalimah ieu di handap jadi paguneman dina telepon !
- Muhun
+ Halow, assalamu’alaikum
+ Ieu sareng Ai, Euis sanés ?
- Wa’alaikum salam, ieu sareng saha ?

2. Pék tulis ku hidep kecap rundayan nu ngagunakeun rarangkén barung ka-an jeung di-keun. Tuluy jieun
kalimahna !
3. Pék téangan naon sinonim jeung antonim kecap-kecap di handap ieu !

4. Pék téangan ku hidep harti kecap-kecap nu dicitak condong dina kalimah-kalimah di handap ieu !
a. Réa aktivis partéy nu marebutkeun korsi.
b. Ku sabab tara di ajar manéhna ngendog di kelas VII.
c. Ayeuna mah loba pajabat dahar duit rayat.

5. Pék ku hidep eusian titik-titik dina kalimah dihandap maké rarangkén hareup barang, pada, atawa silih !
a. Jang ahmad mah ngan ………dahar waé, gawéna teh.
b. Ari ka budak bageur mah sok ……..meré.
c. Unggal papanggih Agus jeung wawan sok …… poyok.
d. Cing atuh ari ………… gawé téh sing bener.
e. Saréréa ogé geus …….. nyaho yén manéhna téh sok ceceremed.


KUNCI JAWABAN

I.
1 C 11 D 21 B 31 D
2 D 12 B 22 C 32 A
3 A 13 D 23 D 33 A
4 B 14 A 24 B 34 B
5 C 15 C 25 A 35 D
6 A 16 B 26 A 36 B
7 A 17 B 27 D 37 C
8 B 18 B 28 C 38 A
9 A 19 A 29 A 39 C
10 C 20 B 30 C 40 A

II.
1. + Halow, assalamu’alaikum
- Wa’alaikum salam, ieu sareng saha?
+ Ieu sareng Ai, Euis sanés ?
- Muhun
2. a. Kahujanan : Mang Surya kamari kahujanan
b. Dipoékeun : Baju nu kamari kahujanan téh dipoékeun
3.

4. a. Korsi = Jabatan
b. Ngendog = teu naék kelas
c. Dahar = Korupsi
5. a. barang b. pada c. silih d. barang e. pada.


Demikianlah informasi yang bisa kami sampaikan, mudah-mudahan dengan adanya 45+ Contoh Soal UKK Bahasa Sunda Kelas 7 SMP/MTs Semester Genap  + Jawaban Terbaru ini para siswa akan lebih semangat lagi dalam belajar demi meraih prestasi yang lebih baik. Selamat belajar!!

#
Soal UAS Bahasa Sunda Kelas 7 SMP/MTs   File ini dalam Bentuk .doc File Size 29Kb
Diupload oleh www.bospedia.com

Baca juga yang sejenis

    Pencarian yang paling banyak dicari
    • soal bahasa sunda kelas 7 semester 1 dan kunci jawaban
    • soal ukk bahasa sunda kelas 7 dan kunci jawaban
    • soal pat bahasa sunda kelas 7
    • soal ukk bahasa sunda kelas 7 kurtilas
    • soal pat bahasa sunda kelas 7 semester 2
    • contoh soal ukk bahasa sunda kelas 7 semester 2
    • soal pat bahasa sunda kelas 7 kurikulum 2013
    • kunci jawaban bahasa sunda kelas 7 kurikulum 2013 revisi 2017
    •  pdf 2018,2019,2020,2021,2022


    Post a Comment

    Post a Comment